Iklan

ABISASTRA PHOTOGRAPHY The Art of Photography

Rabu, 23 Maret 2011

Ngalangkang

Malikan neang carita nu lawas
aya nu ngagandet dina alam panineungan 
mani karasa sajorelat kilat
Anjeun ngereles ngiles 
tapi taya guna di naha-naha


Samar....
unggal poe ngalangkang nembongan 
rek diteang...ukur na sawangan 
anjeun megatkeun duriat nu teu kendat 
Hmmm....di dieu diri lumengis
mikiran nasib diri 
aya jalan marapat, urang leumpang sewang-sewangan 
tapi kuring yakin moal cidra, najan bari nganti asihna. 


Mamat Surahmat,S.Pd.I
Ka-Subbag TU 
UPTD Perpustakaan Daerah Kab. Majalengka

3 komentar:

  1. Duh... nungalangkang najan geus lawas Anjeuna msh keneh jentre dna bayangan, Htrnuhun Pa Kasubag asa emut jaman harita ....

    BalasHapus
  2. Tuh geuning Aya Pa KASUBAG nyerat isi manah teh geuning ku matak waas, dikinten teh tos teu aya deui nu ka basa sunda. Ngiring bingah pisan "hayu atuh urang ngamumule basa jeung budaya sunda ku saha deui bade di mumule pami sanes ku urang sundana"

    DK onekas

    BalasHapus
  3. Kang DK diklik select profile na > klik nami .. jantenna anonim bae, untung aya onekas janten apal

    BalasHapus