Iklan

ABISASTRA PHOTOGRAPHY The Art of Photography

Selasa, 23 Maret 2010

Wartawan Cilik

Wartawan Cilik

 Jatiwangi/Eskul,-
Redaktur Eskul yang juga seniman, Oom Somara de Uci, pada hari Minggu kedatangan tamu istimewa. Mereka adalah Rakaisa LBS, M Khusna, Almu, Aldi dan Gusti, siswa dari SMPN 1 Majalengka. Kedatangan mereka adalah untuk wawancara. Unik, wartawan diwawancara. Uniknya lagi mereka mewawancarai Redaktur kita ini dengan bahasa Sunda.
Berikut ini petikannya:
Siswa (S): Assalamualaikum Pa, nepangkeun abdi sarerencangan ti SMPN 1 Majalengka. Abdi Raka, ieu Almu, Aldi, Khusna sareng nu ieu Gusti
Narasumber (N): Waalaikum salam, Cep Raka, dupi ieu teh bade naon nya?
S: Abdi sareng rerencangan bade ngawawancara bapa, bapa nuju sibuk teu?
N: Oh, alhamdulilah bapa nuju salse
S: Dibujeng enggalna bae nya Pa, kumaha perkembangan seni sunda di jaman kiwari?
N: Biasa-biasa bae, teu maju teu mundur
S : Naon nu dimaksad ‘teu maju teu mundur’ ku Bapa ?
N : Teu maju da teu katingal majuna, teu mundur nya sami keneh, teu katingal mundurna
S : Oh, kitu, naon nu kinten-kinten ngahambat perkembangan seni sunda ?
N: Rupi-rupi, diantawisna aya dua hal, kahiji aya sifat era ka nu makena utamina nu ngarora, kaduana aya serbuan budaya asing nu maksa sangkan dipake
S: Naon bae seni sunda nu aya di Majalengka?
N: Saleresna seueur, diantawisna Gaok, Sampyong, Gembyung
S: Saha bae pemerhati seni salian ti Bapa?
N: Aya Bapa Endo Suanda, Bapa Darto JE, Bapa Arthur sareng nu sanesna
S : Aya nu nyebatkeun seni Sunda bakal punah, eta kumaha ?
N : Tiasa bae, upami teu aya nu nganggona deui
S : Tos cekap Pa, sakitu bae, haturnuhun kana waktosna
N : Sami-sami, Cep
S : Mangga, Pa abdi sareng rerencangan bade wangsul heula, wassalamualaikum
N : Waalaikum salam

Tidak ada komentar:

Posting Komentar