Iklan

ABISASTRA PHOTOGRAPHY The Art of Photography

Kamis, 02 Agustus 2012

SOLOYONG

SOLOYONG

(Kakawihan Barudak Baheula)


Karya : Surya Atmadja


Soloyong kapal udara
ti Andir kakalayangan
nu bohong pasti katara
di ahir kawiwirangan

Soloyong parahu tilu
majuna ka palabuhan
laku sombong cala-culu
ku sasama dijauhan

Soloyong parahu layar
labuh jangkar di basisir
silih rojong jeung ihtiar
urang teh wajib sapikir

Tidak ada komentar:

Posting Komentar